Puisi Sunda: Sariak Layung

Minggu, 20 November 2011 , Posted by lanang davichi at 11/20/2011 07:07:00 PM

Layung di beulah kulon geus nembongan
Tandana srangenge geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung
Hawa sore beuki karasa
Angin peuting geus ngadagoan
Naha kuring bet inget ka wanci haneut moyan?
Di lebah buruan aya kembang kanyaah anu keur meujeugna ligar
Daunna hejo ngemploh matah betah mun ngiuhan
Waktu panon peo geus manceran
Eta kembang teh bet jadi leugit teu puguh juntrunganana
Kuring ngan nyekel kembang kanyaah anu murag
Dibawa diteundeun dina kantong katresna
Ayeuna wanci geus sareupna
Kuring moal bisa manggihan waktu beurang anu tadi
Sariak layung pang nepikeun ieu tresna
Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah
Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu asih
Ayeuna geus waktuna ngitung bekel
Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting
Ayeuna geus waktuna ngurus diri
Diri anu lakomot ku polah anu teu guna
http://awan965.wordpress.com/2010/02/10/puisi-sunda-sariak-layung/#comment-17591

Currently have 0 komentar:

Leave a Reply

Posting Komentar